Page images
PDF
EPUB

kadjeun kendoe lebah boedjoer,
kadjeun langsit lebah birit,
soepaja nangtoeng ka loehoer,
makana njoewar da handap,
ambeh babari ngalengkah,
parantos anoe disindjang,
ali tjingtjin dina tjinggir,
ali piroes dina tjoeroek,
widoeri dina djaridji,

nganggona geulang dalapan,
soeeng rorong tata ganggong,
toetoepna emas talanggong,
dipoetjakan inten ngora,
sereg soeeng didedetkeun,
ret bentik ngalingga manis,
sadia beunangna dangdan,

noe geulis Nji Soemoer Bandoeng.

Oerang toenda tjarita noe geus dangdan.

Oerang njatoerkeun noe kasep Kalang Soetra, enggalna njaoer ka Si Lengser, pokna: „Lengser, koe sia bende geura takol, koempoelkeun rahajat oerang kabeh". Toeloej Si Lengser geuat indit bari nakolan bende. Mani ngoengkoeng sora bende di aloen-aloen, enggalna goedjroed oerang pilemboeran rahajatna; pok ieu : bende naon?" pok ieu: „bende naon?"

Ari tjek noe saoerang: „bedjana djoeragan oerang rek papak tanding ngadoe kageulisan; koempoelan patih, perdjoerit, toemenggoeng, soldadoe, djaksa, goelanggoelang pada njarandak parabot kabeh, geus heurin oesik kasaeor koe tangtoeng di nagara Koeta Waringin girang, endar noe nawarkeun balabar kawat, papanggoengan opat poeloeh".

Barang geus kitoe noe kasep Kalang Soetra toeloej njaoer ka Langen Sari, pokna: „Langen Sari, geura man, doeloer silaing bawa, ajeuna oerang adoekeun kageulisanana!" Ari tjek Langen Sari: „mo enja semah noe heula, koedoena ge priboemi noe ti heula; geura man, pawarang ratoe tembongkeun".

Toeloej Kalang Soetra njaoer ka Si-lengser, pokna: „Lengser, geura kaloearkeun pawarang ratoe, djeung sia koedoe manggoel pajoeng iringkeun kana balabar kawat salambar".

Lengser sanggeus beunang dangdan, toeloej geuat ngalaän sosi lawang padaleman. Barang geus diboeka lawangna, riab pawarang ratoe opat poeloeh poendjoel doea, arangkat ka aloen-aloen kana balabar kawat salambar, ngalioed pawarang ratoe dina papanggoengan.

Ear soerak kalantaka,

morobot lemboer panorop,

saraoeh roetjoekna beusi,

tjampoer djeung boerang malela,

toembak tjagak paloe beusi,

pinoeh dina aloen-aloen,

limpas di djalan prapatan,

noe laladjo ngadoe geulis.

Kotjapkeun noe kasep Langen Sari, barang ningal jen pawarang ratoe geus riab, geuat bae njandak doehoeng kaboejoetan djeung ali beusi galigiran. Noe kasep Rangga Wajang njandak roeas djimat Si-oendoer-oendoer, bereset anoe di kandoeng Nji Soemoer Bandoeng. Enggalna bral bae kana balabar kawat salambar. Inditna ti pangtjalikan,

loegajna ti waton randjang,
koeriling noe ngala hoerip,
nendjrag lemah toedjoeh kali,
mepet bajoe toedjoeh lengkah,
ngarah dawoeh anoe lima,
ngarah poë anoe toedjoeh,
koleang gandeuang angkat,
tjetjetrekan djodjogedan,
rampajak babadajaän,

tjawet poeril poepoerikil.

Bat Rangga Wajang djeung Langen Sari, bat deui Soemoer Bandoeng djeung panakawanna Nji Ogem, soemping kana balabar kawat salambar.

Barang geus soemping ka aloen-aloen, geuat noe kasep Kalang Soetra mapagen bari pokna: „geura pek, geura lawanan koe Soemoer Bandoeng".

Ari tjek Langen Sari: „priboemi heula, geura pek kana balabar kawat salambar!" Enggal geureuha ratoe noe opat poeloeh toeloej loentjat kana balabar kawat. Ari noe geulis Soemoer Bandoeng ngan ngadoekeun panakawanna, saoerna: „Nji Ogem, panglawankeun pawarang ratoe noe opat poeloeh!"

Toeloej Nji Ogem ngagedogkeun salirana, ngadjadikeun noe geulis taja tandingna. Barang geus kitoe, Nji Ogem toeloej dihapit koe moesoehna noe opat poeloeh. Langen Sari pok njaoer: „Patih, Perdjoerit, Toemenggoeng, Soldadoe, masing awas! geura deuleu koe beungeut, lintang koe sotja, geulis mana doeloer dewek, djeung pawarang ratoe?"

Tembalna Patih, Perdjoerit, Toemenggoeng, Soldadoe: pok ieu „geulis noe tengah". Ari tjek Rangga Wajang: „koemaha katarana geulis?"

Tembalna Patih djeung sararea, pokna: „geloengna pantjoeh, panganggona rapat, tjahajana teu aja anoe ngoengkoelan".

„Koemaha pawarang ratoe katarana eleh?" tjek Langen Sari.

Djawabna Patih djeung sararea: „noe doea poeloeh teu bisa nganggo, kararendoe papakeanana; noe doea poeloeh deui teu bisa digeloeng". Pok ieu „eleh”, pok ieu: „eleh pawarang ratoe noe opat poeloeh!"

Ngadjerit Nimbang Waringin, pokna: ,,Soemoer Bandoeng sia ngeleh-ngeleh

keun priboemi, hajoe djeung aing sia pilawaneunana!"

Loentjat Nimbang Waringin djeung maroena Nji-djoerit Hadji kana balabar kawat salambar. Nja kitoe deui noe geulis Soemoer Bandoeng geuat loentjat; toeloej dihapit koe moesoehna noe doea.

Tjek Langen Sari:,,masing awas patih, perdjoerit, geulis mana Soemoer Bandoeng djeung Nimbang Waringin atawa Nji-djoerit Hadji?”

Goedjroed sanagara, pokna: „,geulis semah, geulis semah."

Tjek Langen Sari:,,koemaha katarana?"

Djawabna djaksa: „ari Soemoer Bandoeng geloengna pantjoeh, panganggona rapat, anoe matak djadi kasilep pawarang ratoe noe doea."

Saoerna Rangga Wajang:,,koemaha katarana eleh geureuha ratoe?"

Djawabna djaksa: „,Nji-djoerit Hadji bener panganggona rapat, geloengna pantjoeh, ngan handjakal garareuneuk teu aja tjahjaän. Ari Nimbang Waringin geloengna saroea, panganggona saroea, ngan handjakal oerat tarangna sagede haloe loeloempang, pangaroeh djelema bedang."

Ger noe soerak dialoen-aloen, pokna:,,geureuha ratoe eleh deui, geureuha ratoe eleh deui!"

Nimbang Waringin keuheuleun ka Soemoer Bandoeng, ari pokna: „,ajeuna Soemoer Bandoeng, oerang papandjang-pandjang boeoek."

Tjek Langen Sari ka Soemoer Bandoeng, pokna:,,lawan bae."

Nimbang Waringin djeung Soemoer Bandoeng toeloej loentjat kana balabar kawat; baradal ramboetna dioedar.

Tjek Rangga Wajang: „oerang Koeta Waringin, deuleu koe beungeut, lintang koe sotja, pandjang mana ramboet Soemoer Bandoeng djeung Nimbang Waringin ?" Djarawabna:,,saroea! saroea! saroea!"

Ari tjek Rangga Wajang: „,tjik deupaän.”

Barang pek dideupaän, noe geulis Nimbang Waringin aja opat deupa, ari noe geulis Soemoer Bandoeng aja lima deupa; djadi geureuha ratoe eleh sadeupa, toeloej sakabeh ngomong,,eleh."

Djerit nangis Nimbang Waringin bari njaoer, pokna:,,katjida teuing sia Soemoer Bandoeng ngeleh-ngelehkeun priboemi, manan oetjoel kalah boeroek, hajoe, ajeuna oerang patapis-tapis dina keris."

Tjek Rangga Wajang:,,Soemoer Bandoeng geura lawan bae."

Enggalna Njai Nimbang Waringin toeloej njandak doehoengna toeang raka Raden Kalang Soetra bari loentjat kana balabar kawat, didioekan doehoeng perahna. Soemoer Bandoeng nja kitoe deui njandak doehoengna toeang raka Raden Langen Sari sarta barina loentjat kana balabar kawat, didioekan doehoeng tjongona. Saoer Rangga Wajang: „tapis mana doeloer Kalang Soetra djeung doeloer dewek?"

Pokna noe rea: „tapis keneh Soemoer Bandoeng."

Tjek Rangga Wajang: „koemaha katarana tapis?"

„Ari Soemoer Bandoeng mah dioekna dina tjongo doehoeng, sarta kawatna

teu melendoeng", tjek sararea.

„Na koemaha ari Nimbang Waringin ?" tjek Rangga Wajang.

Pok noe rea: „ari Nimbang Waringin mah dioekna dina landean sarta kawatna melendoeng".

Ger soerak sanagara: „Nimbang Waringin kawon”.

Pok deui Nimbang Waringin, njaoer: „Soemoer Bandoeng, hajoe, ajeuna

oerang silihawoer koe pangaweroeh, ajeuna oerang paloba-loba banda".

Tjek Rangga Wajang ka Soemoer Bandoeng: „geura lawan bae, montong inggis". Toeloej noe geulis Soemoer Bandoeng njaoer ka panakawanna Nji Ogem, pokna: „Ogem, geura kadieukeun tjoepoe tea".

Enggalna tjoepoe toeloej disanggakeun koe Nji Ogem; sanggeus ditampanan tjoepoe teh toeloej ditaplokeun koe noe geulis Soemoer Bandoeng, nja ngadjadi barang sabeulah aloen-aloen.

Demi pokna Langen Sari: „,heh, oerang Kota Waringin, banda geura toembakankeun loba mana?"

Mimitina noembakan barangna Njai Nimbang Waringin : loehoerna opat ratoes toembak, legana opat ratoes toembak pasagi. Geus kitoe noe Njai Soemoer Bandoeng loehoerna lima ratoes toembak, legana lima ratoes toembak pasagi; djadi noe eleh Nimbang Waringin.

Ger sanagara soerak kabeh, „pawarang ratoe eleh, pawarang ratoe eleh!" Tjek Nimbang Waringin: „sia, Soemoer Bandoeng, beuki tjoetjoed, beuki boeroeng; aing kieu eleh, kieu eleh, hajoe, ajeuna oerang paseungit-seungit tai". Saoerna Langen Sari ka Soemoer Bandoeng: „geura lawan bae, wajahna meureut andjeun".

Tjatoerkeun Nimbang Waringin meunang toedjoeh poë toedjoeh peuting tatamboel tjengkeh, tjabe areuj, djeung sagala kembang-kembang noe sarareungit.

Kotjapkeun Nji Soemoer Bandoeng, lakotoj sangkeloh mando, boel ngoekoes; neundeun saoer toengtoeng koekoes, panedja ka noe keresa. Demi saoerna: „Soenan Iboe, koering njoehoenkeun boboreh Batara Goeroe".

Tidinja harita diragragan tjoepoe ti sawargaloka, keploek kana lahoenan Soemoer Bandoeng, eusina boboreh Batara Goeroe, seungitna angin-anginan, teroes kana dangdaoenan, njiret kana tatangkalan, watara toedjoeh djongdjonan.

Ajeuna oerang tjarioskeun deui Njai Nimbang Waringin saoerna: „Lengser, geura tandean aing rek ngising."

Koe Si Lengser oepih ditengkorkeun, pokna: „gan, hempet bisi ngadjoeroeloeng!" Barang ngambeu tai Nimbang Waringin, Si Lengser oetah.

Ari noe geulis Nji Soemoer Bandoeng mah koe akal keneh bae, nja eta boborehna Batara Goeroe noe didjieun tai; toeloej njaoer ka rakana Rangga Wajang, pokna: „engkang, koering rek ngising."

Enggalna koe Rangga Wajang dipangnengkorkeun oepih, toeloej koe Soemoer Bandoeng ditamplokeun boborehna Batara Goeroe kana oepih tea.

Tjek Kalang Soetra, pokna: „Langen Sari, geura man, adoekeun taina”.
Tembalna Langen Sari: „koedoe priboemi ti heula.”

Kalang Soetra toeloej njaoer ka Si Lengser: „Lengser geura bawa tai Nimbang Waringin".

Si Lengser ngahoeleng bari pokna: „wajahna bae da noe ngawoela".

Si Lengser mawana tai Nimbang Waringin, diharoedoeman sarta bari tanggah leumpangna, lamoen toengkoel da sok ongkek.

Barang datang ka pangadoean, djelema sanagara aroetah kabeh, baoeëun tai Nimbang Waringin.

Toeloej Langen Sari geuat mawa tai Soemoer Bandoeng bari pokna: „koemaha ieu tai Soemoer Bandoeng?"

Barang geus diteundeun dina pangadoean, djelema sanagara Kota Waringin patoebroek-toebroek, paheula-heula, pada njolek pada ngadahar, da poegoeh boborehna Batara Goeroe; goedjroed djelema sanagara pokna; „seungit tai Soemoer Bandoeng."

Nimbang Waringin toeloej nangis bari pok deui njaoer: „Soemoer Bandoeng, ajeuna tina sia ngeleh-ngelehkeun bae ka aing, manan oetjoel kalah boeroek; hajoe, ajeuna oerang ngadoe moending, aing boga moending adoe, poepoendakanana oge mani tiloe tangkeup".

Tjek Soemoer Bandoeng ka toeang raka pokna: „enkang Langen Sari, koemaha geuning eta ngadjak ngadoe moending?"

Tjek Rangga Wajang: „oerang lawan bae", sarta bari njaoer ka Kalang Soetra pokna: „Kalang Soetra, aing menta tempo deuk njokot heula moending, da digadoehkeun di anoe gadoer; beh ditoena doea poë, beh dieuna sapoë.”

Sanggeus kitoe, toeloej Rangga Wajang njaoer deui ka raina Soemoer Bandoeng, pokna: „Njai, akang djaoeh djoengdjoeng anggang doakeun".

Djawabna noe geulis Soemoer Bandoeng: „soemangga engkang."
Koleang angkat noe kasep,
anoe kasep Rangga Wajang,
basana ngadjoedjoer doeloer,
ka tegal si-awat-awat,

njorang leuweung sakeukeudeung,

njorang tegal sabengbatan,

soempingna ka aki-aki,

Aki-aki Pangalasan.

Barang soemping Rangga Wajang, ngahoeleng ningali moending; reret ka Aki Pangalasan; noe keur ngoentaj bae bari noenggoean moending keur anakan. Saoer Rangga Wajang: „Aki, sia keur naon?”

Demi djawabna: „keur noenggoean moending bari ngoentaj; ari agan teh, bade ka mana?"

„Koela teh keur njiar moending Aki", tjek Rangga Wajang.

„Moending pantar koemaha, di koering oge aja noe pantar djeung moending Nimbang Waringin", tjek Aki Pangalasan.

Saoer Rangga Wajang: „ah, tjoemah ari noe gede mah, ngadenge soerak meureun kaboer, hajang noe lemboet keneh, tah eta eneng geus sabraha peuting oemoerna ?"

„Kakara sapoeloeh peuting," tjek Aki Pangalasan.

Saoer Rangga Wajang: „pantar kitoe, sabaraha hargana?"

Djawabna Aki Pangalasan: „eta eneng mah mangga bae, abdi ngahatoeranan." Sanggeus kitoe, eta eneng toeloej diringkoes, digembol koe djimpo bari njaoer pokna: „Aki doakeun ieu eneng sing pogot ngegel kontol, djeung koe koela didoakeun sia Aki masing tereh hilang".

Rangga Wajang sanggeus njaoer kitoe, ladjeng angkat bari mawa eneng.

« PreviousContinue »